Back to Kompasiana
Artikel

Sosbud

Kang Warsa

Manusia Biasa, Orang Sukabumi, Sering Menuliskan kehidupan orang-orang Kampung di internet, aktif juga di kegiatan selengkapnya

Réfléksi Basa Sunda: Kulit Bodas

OPINI | 30 April 2013 | 08:05 Dibaca: 129   Komentar: 0   1

“ Pék déngékeun lagu-lagu Koréa, Jepang, jeung nagara deungeun. Pék robah warna buuk jadi cokelat, beureum, atawa héjo! Pék robah gaya hirup, titi jeung tata peryoga ku cara hirup saperti di nagara-nagara Eropa. Tapi, nalika urang hudang isuk-isuk jeung neuteup kana kaca eunteung, tetep baé waruga jeung ruh urang masih mangrupa urang Sunda tulén!”

Ngimeutan kana hasil sababaraha panalungtikan ngeunaan beuki nérékélna jumah kosmétik “Pemutih Kulit” anu dijual di nagara urang , beuki mahabuna éta hasil produk digunakeun ku wanoja-wanoja di urang méré hiji indikasi lamun budaya deungeun lain saukur mangaruhan kana cara hirup hiji bangsa. Leuwih ti éta geus mangaruhan kana hal anu fundaméntal dina kahirupan nyaéta: jati diri urang salaku bangsa. Hal-hal génétika anu dipapaksa kudu asup kana lolongkrang sosial.

Mindsét urang geus dirobah ku iklan-iklan anu ngébréhkeun lamun kulit bodas leuwih alus jeung unggul tibatan kulit cakeutreuk, hideung, jeung cakueum. Geus jadi sabiwir hiji, urang bakal ngarasa éra lamun miboga kulit lestreng. Sabalikna, urang bakal leuwih pédé lamun miboga kulit bodas tur lemes. Kalawan henteu sadar, urang geus narima kana hiji kamandang ti kaum évolusionis, lamun tingkat kamajuan peradaban jalma téh ditangtukeun ku warna kulit, ukuran sirah, jeung ras.

Nalika perang Dunia ka-I mimiti medar, fasisme meberkeun jangjangna di wewengkon Eropa. Faham anu diadegkeun dina luhureun tatapakan évolusi-sosial Darwinisme jeung Ubermenchs-na Nietzsche ieu méré béja anu tangtu, hiji kamandang rasialis, Ras Aria mangrupakeun kumpulan jalma-jalma anu baris mingpin alam dunya, baris ngaluluguan kahirupan di dunya, tempatna aya di luhureun ras-ras séjén. Kamandang ékstrem fasisme salah sahijina nempatkeun lamun kahormatan jalma ditangtukeun ku warna kulit. Ras kulit bodas aya dina mumunggang gunung évolusi, sedengkeun ras kulit hideung masih kénéh ngorondang seja nangtungkeun diri kana hambalan évolusi salaku manusa (homo sapiens).

Konsép Ubermensch Nietzsche dilarapkeun dina faham fasisme kana hal-hal anu aya patula-patalina jeung ragawi hiji jalma. Jalma-jalma cacat mangrupa panyakit anu kudu dileungitkeun dina kahirupan, jalma-jalma anu miboga kulit salian ti kulit bodas kudu dijadikeun abid jeung ladén anu kudu ngawula ka bangsa ras kulit bodas. Jangkungna awak diukur, gedéna sirah ogé diukur, nepi ka warna panon dijadikeun ukuran luhur jeung handapna martabat hiji jalma.

Pamikiran samodél kieu, mangaruhan kana tiap celah kahirupan jalma. Lain nanaon, kusabab ngahaja disebarkeun , malahan disamarkeun kana hal anu leuwih leutik tina ras hiji jalma nyaéta warna kulit. Geus nerap dina alam “bawah sadar” kalolobaan pangeusi alam dunya, kulit bodas leuwih alus tibatan kulit hideung. Iklan-iklan kosmétika “pemutih kulit” ditawarkeun kalawan dipulas ku ucapan anu teu némbongkeun aya kamandang rasialis dina éta iklan. Teu kungsi lila, galura pamikiran ieu nebak kana kahirupan jalma-jalma utamana para wanoja di nagara urang. “Pemutih Kulit” laku dijual, da urang hayang miboga kulit bodas.

Teu kungsi lila, antara taun 2010 nepi ka ayeuna, agrési pamikiran heureut samodél kieu, narajang kana budaya anu sakuduna miboga sifat univérsal. Budaya anu sakuduna teu kapangaruhan ku warna kulit. Tapi ku pamikiran rasialis samodél kieu, budaya geus diropéa saolah ngan saukur dipiboga ku hiji bangsa. Nalika génré musik K-Pop anu disumebarkeun ku sababaraha Girl-Band ti Koréa mahabu, rob wanoja-wanoja di urang, kalawan henteu ngagunakeun logika mikahayang hiji hal; ti mimiti warna kulit, réngkak paripolah, mode baju, kudu nyaluyukeun jeung inohong-inohong Girl-Band asal Koréa. Urang jadi Kokoréauen.

Salah lamun urang nyokot budaya bangsa deungeun? Ah, teu salah, nalika urang geus apal lamun bangsa urang ogé miboga budaya anu sakuduna leuwih wajib dimumulé ku diri urang. Leuwih salah, lamun urang boga anggapan, maju jeung henteuna budaya hiji bangsa téh dipangaruhan ku warna kulit jeung hal-hal rasial séjénna. Kurang merenah lamun urang boda pamikiran, harkat jeung martabat hiji jalma bakal naék lamun kulit urang anu warna sawo asak- kusabab urang mah da cicing di nagara tropis- diganti ku kulit warna bodas atawa konéng.

Nu timbul nyaéta rasa kasieun. Urang sieun teu laku lamun miboga warna kulit hideung, urang sieun teu dideukeutan ku batur nalika kulit jeung budaya urang teu miindung kana kumaha galib jeung raména gaya hirup ayeuna. Antukna urang kapaksa, kudu ngarobah wujud jeung waruga urang ku hiji hal anu mémang geus keur usumna kitu. Buuk dipulas ku rupa-rupa warna, buuk kiriting jeung galing kudu dilempeng-lempeng kalawan diré-bonding, kulit ogé kudu nyurup jeung kulit-kulit para artis Koréa.

Teu sadar, urang geus mopohokeun kana hal anu sakuduna diraksa jeung dimumulé. Hiji kamandang, maju jeung mundurna hiji bangsa lain diukur ku warna kulit, warna buuk, jeung bangir atawa pegékna irung, tapi ditangtukeun ku sakumaha gedé usaha urang dina ngawariskeun budaya karuhun kana diri urang jeung ka generasi sanggeus urang.

Da mémang bener, najan cara hirup urang diganti ku cara hirup bangsa-bangsa deungeun, kulit anu asalna hideung lestreng disulap jadi bodas, buuk anu asalna galing jadi jocong, irung anu asalna pegék jadi bangir, buuk anu asalna hideung jadi beureum, keukeuh baé urang téh hirup dumuk jeung cicing di hiji wewengkon anu ngaranna Tatar Pasundan. Niléy jeung ruh urang teu bisa leupas tina niléy jeung ruh anu dipiboga ku karuhun urang. Getih anu ngocor dina diri urang ogé apan warisan ti karuhun urang. Ditarikkeun ogé volume tivi nalika lagu-lagu Koréa disetél, keukeuh baé urang moal bisa ngabohongan kana diri sorangan lamun urang téh lain batur. [ ]

KANG WARSA

Tags: sunda

 
Kompasiana adalah Media Warga. Setiap berita/opini di Kompasiana menjadi tanggung jawab Penulis.
Siapa yang menilai tulisan ini?
    -
Processing data ..
Tulis Tanggapan Anda
Guest User


HEADLINE ARTICLES

Makan Ikan Petrus dari Laut Galilea …

Andre Jayaprana | | 23 August 2014 | 00:20

Pihak Jokowi-JK Sudah Tepat Bila Mengadopsi …

Abdul Muis Syam | | 23 August 2014 | 03:40

Mana Gaya Manajemen Konflik Anda? …

Pical Gadi | | 23 August 2014 | 07:51

Goa Kalak Pertapaan Prabu Brawijaya …

Nanang Diyanto | | 23 August 2014 | 02:30

Kompasiana Nangkring bareng Sun Life: …

Kompasiana | | 18 August 2014 | 12:58


Ingin menyampaikan pertanyaan, saran atau keluhan?

Subscribe and Follow Kompasiana: